Jawaban:
Iklan layanan masarakat teh nyaeta
iklan anu henteu neangan kauntungan
finansial. Sedengkeun iklan anu
neangan kauntungan finansial mah
biasa disebutna iklan komersial. Biasana
eusi dina iklan layanan masarakat jeung
iklan komersial sarua ngagunakeun
kalimah pangajak. Iklan layanan
masarakat biasana dipasang ku instansi
atawa organisasi anu henteu neangan
kauntungan finansial. Sedengkeun
iklan komersial biasana dipasang ku
perusahaan anu neangan kauntungan
finansial.
Dina iklan layanan masarakat biasana
eusina mangrupa kalimah pangajak
pikeun ngalakukeun pagawean anu aya
mangpaatna boh keur diri sorangan boh
keur masarakat umum. Sedengkeun dina
iklan komersial biasana eusina mangrupa
kalimah pangajak pikeun meuli atawa
ngagunakeun produk anu dijual ku
perusahaan anu masang iklan komersial
eta.